Jumat, 04 Juli 2014

Penerapan Kosa Kata Bahasa Sunda



DAFTAR ISI

BAB I  PENDAHULUAN…………………………………………………….1
 A. Latar Belakang…………………………………………………………..1
 B. Rumusan Masalah……………………………………………………….1
BAB IIPEMBAHASAN……………………………………………………..2
A. Kegunaan Kosa kata Dan Pembagiannya……………………………….2
B. Hal-hal Yang Harus Diperhatikan Dalam Pembelajaran Kosa kata…..2
C. Teknik-teknik Pengajaran Kosa kata ………………………………….3
BAB III PENUTUP………………………………………………………….6
A. Kesimpulan……………………………………………………………….6
KESIMPULAN………………………………………………………………7



BABI
PENDAHULUAN

A. LATAR BELAKANG
                                                                                                                                          
Kosa kata mangrurapakeun unsur basa anu kudu di kanyahokeun dina diajar basa sunda, sangkan tiasa ngobrol ngagunakeun basa sunda anu bener.
Tapi diajar bahasa sunda henteu fokus kana diajar kosa kata. Hartina urang henteu kudu fokus kana kosa kata hungkul.
Kusabab kitu kangge ngamudahkeun dina di ajar kosa kata didieu ngalewatan makalah bade nyobi masihkeun saalit ngenaan teknik pangajaranna dina rumusan masalahna.

Rumusan Masalah
a.      Naon bae ari kagunaan kosa kata tina melajari bahasa teh?
b.      Naon bae perkawis anu kudu diperhatikeun dina belajar kosa kata teh?
c.       Naon bae kosa kata anu aya dina ASMARANDANA?
  


BABII
PEMBAHASAN

A. Kagunaan Kosa Kata sareng Macem-macemna

Kosa kata mangrupakeun unsur bahasa anu kedah dikuasai ku para pelajar bahasa, boh eta bahasa asing atanapi sejena, sangkan meunang kamahiran dina berkomunikasi.
Tiap belajar bahasa henteu identik sareng belajar kosa kata. Hartina kangge ngagaduhan kamahiran dina berbahasa henteu cukup ku ngapapalkeun kosa kata wungkul.
            Ma’na dina hiji kata teh tiasa dibedakeun jadi dua macem, nyaeta ma’na denotative dan ma’na konotatif. Makna denotative nyaeta ma’na anu aya dina jero kamus. Sedengkeun ma’na konotatif, nyaeta ma’na tambahan anu aya dijerona nuansa atanapi kesan khusus tina akibat pangalaman pamakean bahasa.
            Tina segi fungsi, kosa kata dibedakeun kana dua: nu kahiji kosa-kata anu ngagaduhan ma’na tina kamus saperti : (tetela, karajaan, jst). Sedengkeun anu kadua nyaeta kosa kata anu ngemban hiji fungsi seperti : (ti, tina, jst).

B. Hal-hal anu Kedah Diperhatikeun dina Pembelajaran Kosa kata
            Kosa kata merupakeun bagian anu pokok tina mempelajari bahasa, sebab hakekat bahasa nyaeta sakumpulan kosa kata. Kusebab kitu samemeh ngabahas ngeunaan tehnik-tehnik pangajaran kosa kata kedah memperhatikeun dasar-dasar pangajaran kosa-kata nyaeta:
1.      Azas hemat. Guru kedahna mah ngahemat dina ngagunakeun kosa kata disesuaikeun sareng kamampuan siswa nyaeta rupaning kata-kata anu diperlukeun wungkul.
2.      Azas konteks. Kosa kata kedah disampekeun tina konteks (diabuskeun kana kalimat) anu samemehna difahaman heula ku cara ngerakeun atanapi media pembelajarana seperti gambar stempel jeung sajabana, sanes ku jalan nerjemahkeun.
3.      Azas pilihan jeung gradasi. Mufrodat anu diajarkeun kedah ngadasar kana skala prioritas jeung nganut azas gradasi tina anu gampang kana anu hese.

C. kosa Kata anu Aya dina Asmarandana
ASMARANDANA
Geulang kangkalung nu leuwih, di taretes inten moebjar, sanggeus parantos nu nganggo, jebul  datang anu mapag, teu lila lajeung jeungkar, nitih jampana nu hurung, dur bedilna clung angklungna.
 Tambur tarompet jeung suling, ngaguruh sora gamelan, salendro renteng  jeung pelog, pinterna papatih cempa, antep natakeunnana, teu paselang teu paseluk, mungguh heula pandeurina.
Tumenggung rangga ngabeui, maridang tarunggang kudu, jengkarna ti kadipaten, ngaliwat ka kapatihan, sesek  jejel di jalan, geus cunduk ka alun-alun, sada borondong bedillna,
Surakna asa ka indit, ngaguruh ayeuh-ayeuhan, geus ngaliwat ka babacong, lungsur  di latar pamengkang, calik di singgasana, ngariung para tumenggunng, ngajajar para panggawa.
Kangjeng Pangeran Dipati, calik di malige retna, sareng garwana ngerendeng, lajeng Raden Patih nyandak, makuta karajaan, diterapkeun serta nyaur, Sang Putri diangkat Raja.
Ngembarkeun Raden Patih, ngadeg maos biantara, he para ponggawa kabeh, Sang Putri Andayaningrat, jadi Ratu di cempa, saha-saha nu teu taluk, kami pilawaneunana.
I. Kecap-kecap nu dicondongkeun dicitakna kudu diterangkeun.
Ø  Kangkalung        = kongkorong, kalung
Ø  Leuwih                = kecap pikeun nuduhkeun tambahna tina eta ngan nu liwat
Ø  Ditaretes             = tabur, ditabur
Ø  Mubyar                = mapakean sing saruwa, aralus, sarta warna-warni
Ø  Sanggeus             = bada, sabada
Ø  Parantos              = enggeus, rengse
Ø  Nganggo              = make
Ø  Mapag                  =
Ø  Nitih                     = ninggang, nincak, mimiti
Ø  Jampana              = tutumpangan jaman baheula anu digotong
Ø  Hurung                = aya seuneuan, kaluar cahaya
Ø  Clung                   = sora barang nu ragag kana cai jero
Ø   Angklungna       = sarupa tatabeuhan tina awi
Ø  Tambur               = tatabeuhan nu rupana seperti tetenong bari kenca katuhu make kulit
Ø  Ngaguruh                        = sora teu puguh hartiyaneunana dikajauhan, ngadenge sora guruh
Ø  Gamelan              = sarupa tina tatabeuhan lolobana dijieun tina parungu
Ø  Salendro renteng = sarupa gamelan
Ø  Pelog                    = salah sahiji surupan atau laras tatabeuhan sunda
Ø  Papatih                = pagawe nagara sahandapeun bupati, saluhureun wadana
Ø  Entep                    = beres
Ø  Natakeunnana   = nyusunkeunana
Ø  Paselang              = selang
Ø  Mungguh                        =
Ø  Tumenggung      = gelaran bupati di jaman pamarentah walanda nu anyar diangkat
Ø  Rangga                 = gelaran pikeun wadana atawa sasamana nu geude jasana ka pamarentah walanda
Ø  Ngabeui               = gelaran pikeun urang pribumi di jaman walanda baheula
Ø  Kadipaten            = kadipatian, adipaten       
Ø  Sesek                    = pinuh pasesedek ku jelema atawa kamar atawa imah jadi heurin
Ø  Jejel                      = kecap pagawean ngasupkeun kapuk sapadet-padetna kajero urung kasur atawa anggel jadi seseg
Ø  Cunduk                = datang ka tempat nu di seja nu angeun-angeun
Ø  Sada                      = ngaran bulan ka duabelas nurutkeun pranata mangsa
Ø  Borondong          = sangrai jagong, gandrung anu lamun geus beukah dikalua make gula saeutik atawa dicampuran kinca atawa peueut supaya engkena ngahiji
Ø  Bedilna                = pakarang anu dijerona make patrom dipeloran pikeun maehan
Ø  Kaindit                 = kecap pagawean ninggalkeun tempat
Ø  Ngaguruh                        =sora anu gandeng ayana ku sora obrolan jelema loba
Ø  Babacong             = adegan meneuh dialun-alun pikeun para panggu
Ø  Lungsur               = turun tina hji tempat
Ø  Latar                    = dasar, lapisan anu pang handapna
Ø  Pamengkang       =ruangan di kantoran atawa kabupaten jaman baheula nu disadiakeun pikeun narima para gegeden
Ø  Singgasana          = korsi karajaan, linggih, panhtinggihan
Ø  Panggawa                        =
Ø  Kangjeng             = kecap panambah, tanda hormat pikeun pangkat para bupati ti jaman walanda
Ø  Pangeran             = anak raja
Ø  Dipati                   =
Ø  Malige                  = mahligai, singgasana
Ø  Retna                   = ratna, permata, sosola
Ø  Makuta                = tutup sirah raja tina emas ditaretes inten berlian
Ø  Sang                     = “yang” dipakena minangka penghormatan ni martabatna luhur
Ø  Diangkat              = dibenum, ditaekeun pangkat
Ø  Ngaembarkeun  = parentah ti nagara, diparentahkeun
Ø  Biantara              = pidato
Ø  Andayaningrat   = ngaran hiji jalmi
Ø  Taluk                    = sanggeus eleh





            II
a.      Beunanang di bagi 3 bagian
Ø  Acara ngaistrenan hiji putri anu dimimitian ku tatabeuhan dihiji tempat yen acara ieu teh ngaruntuy kalayan alus
Ø  Mangsa keur ngaistrenan ditutur ku arak-arakan nu ngaliwat ka alun-alun anu sok dipake para pangagung walanda
Ø  Ngaresmikeun putri Andayaningrat jadi ratu di cempa nyaeta anu ngawa di eta karajaaan cempa. Sing saha-saha anu teu taluk bakal aya balukarna jeung balesanana ti raden patih, dina biantarana
eusi dina masing-masing padana nyaeta:
1.       Nyaritakeun ngeunaan pambukon hiji acara ngistrenan ratu anyar
2.      Mulaina acara anu kahiji
3.      Acara ngarak ratu anu bade  anu baris diistrenan
4.      Dongkapna anu tos arak-arakan tadi ka karajaan
5.      Mulaina acara ngistrenan ratu anyar
6.      Disahkeunana ratu anu anyar
b.      Eusi dina biantarana nyaeta mangrupaken dukungan ka nu bade diistrenan teh teras nyebatkeun naon-naon sumpah jabatana
c.       Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokaatuh, hadirin anu di mulyakeun ku ALLAH SWT, dina kesempatan ayeuna urang tiasa kumpul ditempat ieu nyaeta dumasar kana meunangna penghargaan guru terbaik nyaet bapak Ahmad Sabeni, Sag. Salaku wali kelas urang. Urang teh kedah bangga ka anjeuna anu tekun dina ngajarna jeung sajabana. Tah rupina ti simabdi cekap dugi ka dieu. Wassalamu’alaikum. Wr. Wb
d.      Numutkeun kana carita dina ASMARANDANA tadi, meunurut pendapat kelompok abi mah nyaeta alus pisan, sabab ieu asmarandana teh mertelakeun ngunaan suksesna hiji acara ngistrenan ratu anu anyar.
e.      Di jaman ayeuna mah benten jeung jaman baheula nu mana jaman ayeuna mah upami aya acara ngistrenan teh teu aya acara arak-arakan cara jaman kapungkur, teu aya acara gamelan jeung sajabana.
            III
a.      Kungkulung =
b.      Cucunduk           = datang, tepi atawa nepi
Ø  Ruruji (ruji-ruji)           = saripsip
Ø  Wawalun             = lawon atawa boeh
Ø  Ruruba                = ongkos-ongkos lantaran dipentaan tulung
Ø  Lalangse              = kasang anu dibeberkeun seperti lalangit
Ø  Gogodong            = tung-tung sarangka keris atawa duhung beulah luhur leber seperti daun
Ø  Kikitir                  = tanda pajeg tanah nu dicekel ku rayat di desa-desa
Ø  Ruruncang          = lelegok anu panjang ka handap dina biwir luhur handapeun hahalang dua liang irung
Ø  Tatarub                = saung saheulaan pikeun riribug salila imah nu keur diadegkeun acan anggeus
Ø  Susubal                = kembang anu diselapkeun dina gelung
Ø  Lalambe              = biwir, bisa di sebut oge lambei
Ø  Kukumbung       =
Ø  Rarahab               = papakean kuda



BAB III
      PENUTUP
A. Kesimpulan


  A. Kegunaan Kosa kata Dan Pembagiannya
Kosa kata merupakan unsur bahasa yang harus dikuasai oleh pembelajar bahasa asing untuk dapat memperoleh kemahiran berkomunikasi dengan bahasa tersebut.
Makna sebuah kata dapat dibedakan menjadi dua, yaitu makna denotative dan makna konotatif
Dari segi fungsi, kosa kata dibedakan menjadi dua: yg pertama kosa-kata yang mempunyai makna dalam kamus seperti : (home, pen, car). Sedangkan yang kedua adalah kosa kata yang mengemban suatu fungsi seperti : (a, the, their, them), dan sejesnisnya.

B. Hal-hal Yang Harus Diperhatikan Dalam Pembelajaran Kosa kata
dasar-dasar pengajaran kosa-kata yaitu:
·         azas hemat
·         azas konteks
·         azas pilihan dan gradasi.

C. Teknik-teknik Pengajaran Kosa kata
Adapun tahapan dan tehnik pengjaran kosa kata: atau pengalaman belajar siswa dalam mengenal dan memperoleh makna kosa kata di papakarkan sebagai berikut

1.      mendengarkan kata
2.      mengucapkan kata
3.      mendapatkan makna kata
4.      menulis kata
5.      membaca kata

Tidak ada komentar:

Posting Komentar