Jumat, 04 Juli 2014

Kempelan Carpon Remaja



BAROKAH




MUPASIROH






DETIK KOMPUTER

BAROKAH
Editor : Dede Mudopar
Desain Cover : Detik Komputer
Desain Isi : Mupasiroh

Hak Cipta dilindungi oleh Undang-Undang Nomor 19 Tahun 2002. Dilarang memperbanyak/menyebarluaskan dalam bentuk apa pun tanpa izin tertulis dari penerbit.


Detik Komputer, Juni 2014
Jl. Raya Jatinangor No. 181 B (Depan Kantor Kecamatan Jatinangor
Telp : 022.915.67.919
Barokah, Cet 1


EUSINA











PANGJAJAP

            Bismillahirrohmanirrohim.   
Puji syukur ka Gusti Nu Maha Suci, anu tos masihan taufik sareng hidayang nepi ka réngséna buku ieu. Ogé ka segenap kulawargi anu tos ngadu’akeun ogé bapak/ibu dosén anu tos ngabimbing ka nu nulis.
Buku ieu mangrupakeun kumpulan carita pondok tujuan utamana nyaéta pikeun nyampékeun amanat anu aya dina sakur carita dina éta carpon.
Kempelan carpon barokah ieu disusun kanggé nyumponan pancén Kreatifitas Penciptaan Sastra anak anu mudah-mudahan tiasa dimanfaatkeun








Mupasiroh

.


BAROKAH

Geus jadi kawajiban santri hidmat ka nu jadi guru, ku cara nurut kana anu diparéntah ku guru salila paréntahan éta lain maksiat. Kitu ogé Usman, Usman boga kawajiban ngahidmat. Najan kakara rék tujuh bulan manéhna masantrén di pasantrén Nurul Falah, manéhna can dititah ngaji, pagawéan sapopoé téh nyaéta ngalaan cai pikeun para santri pikeun warudlu. Najan kitu haté, Usman mah ihlas ngajalankeunana.
“Keur naon manéh?” Tanya Kiki anu ngaliwat hareupeun Usman.
“Keur reureuh heula, Ki, capé yeuh,” témbal Usman nu keur diuk bari napasna hah-héh-hoh bakating ku capé mawaan cai.
“Oh, nya atuh urang ka langgar ti heula nya,” témbal Kiki anu geus siap rék ngaji bari mawa kitab.
“Enya.” Usman némbalan najan capé.
Sanggeus Kiki teu katingali leumpangna, Usman téh ngahuleng bari ngagurutu, “Iraha nya kuring ngalaman kana ngaji? Asa geus lila masantrén téh, tapi acan ngalaman ngaji sakali-kali acan.”
Hiji poé Usman béakeun bekel. “Duh, kumaha nya ieu. Béas séép, duit komo, dikiriman lila kénéh” ngomong sorangan di sisi sumur bari nyekel timbaan.
“Kunaon, Mang?” ujug-ujug Udin datang bari ngarebut timbaan ti Usman.
“Bingung yeuh, Mang.” Témbalna
“Bingung kunaon?” Cék Udin bari bari nimba cai.
“Béakkeun bekel puguh”
“Oh, parangsa téh kunaon. Tenang baé mang, sakeudeung deui ogé aya proyék yeuh”
“Hah proyék? Proyék naon, Mang?”
“Apan aya nu maot di beulah kidul.”
“Wah, nu bener,  Mang?” bari rada bungah
“Bener,”
“Alhamdulillah atuh, éh, Innalillahi maksadna mah... héhé” bari seuri konéng.
Saprak ngadéngé carita Mang Udin tadi, Usman sumanget nimba caina. Pikeun santri mah lamun aya nu maot téh bungah, komo mun anu maotna jalma beunghar tangtu leuwih bungah. Sabab bakalan kuli baris (nyolatkeun bari dibéré amplop eusi duit) najan ngan dibéré 5.000 ogé geus gedé pikeun santri mah, komo mun kabeneran teu boga duit. Salian ti nyolatkeun ogé sok titah mangajikeun. Anu balik mangajikeun sok dibéré bésék saurang sahiji. Mun keur kabeneran anu maotna jalma beunghar mah kadang-kadang sok leuwih ti hiji saurangna téh.
“Sakabéh santri titah kumpul, Dul, urang nyolatkeun ka kidul,” Pa kiai nitah ka Abdul anu kabeneran keur ngapalkeun di majlis.
“Muhun, Kang,” témbalna bari langsung ngageroan para santri.
“Santri kumpul! Urang nyolatkeun ka kidul” bari nyampeurkeun ka hareupeun kobong. Gogorowokan. Teu lila sakabéh santri tos kumpul, Usman jeung Udin ogé aya di dinya.
“Geus araya kabéhan?” Tanya Pak Kiai.
“Atos, Kang.”
“Hayu mangkat!”
Teu kungsi lila kabéhanana mangkat ka masjid beulah kidul, di dinya geus aya mayit anu rék disolatkeun. Datang di hareupeun masjid Usman téh bingung kumaha carana nyolatkeun mayit téh, sabab Usman mah kakara ngalaman nyolatkeun mayit.
“Mang, kumaha carana ieu nyolatkeun mayit téh?” éra-éra ogé Usman wani nanyakeun ka Mang Udin
“Turutan baé naon anu dilakukeun ku imam,” témbal Udin bari asup ka masjid, sabab geus ngala wudlu.
“Oh, muhun, Mang,” bari nuturkeun tukangeun Udin. Sabérésna nyolatkeun tuluy nguburkeun, santri-santri baralik deui ka kobongna séwang-séwangan.
“Meunang sabaraha duit, Dak?” Kiki nanya ka babaturan sakobongna.
“Sarua baé jeung mamang,” témbal babaturanana.
“Man, manéh meunang sabaraha?” Nanya ka usman
“Sapuluh rébu, Mang.”
“Har, naha manéh mah gedé?”
“Ari kitu mamang meunang sabaraha?”
“Urang mah lima rébu.”
“Hah? Nu bener ari mamang?”
“Heeh, piraku ngalalaga.”
“Héhé milik kuring meureun nya.”
“Heeh meureun.”
Ti harita Usman téh sumanget ngalaan caina, sabab ngayakinkeun dina haténa naon-naon anu diparéntah ku guruna pasti sok aya hikmahna.
Tujuh taun satuluyna, Usman mah angger baé mawaan cai, can sakali-kali ogé dititah ngaji. Lamun ngomong-ngomongkeun masalah ngaji, pasti Usman mah katinggaleun jauh ti santri-santri anyar bahkan anu saentragan jeung manéhna mah geus diiring (lulu). Hiji poé manéhna nyampeurkeun ka guruna.
“Kang, ari kuring iraha ngajina? Hayang téa kos batur-batur, unggal waktu téh ngararaji, nu dibawa téh kitab, lain émbér deui émbér deui,” bari tungkul sabab éra.
“Usman, ngaji mah gampang, geus ayeuna mah teruskeun baé ngalaan cai, ngké gé élmu mah bakal kapanggih. Jeung hiji deui tékadkeun dina haté ulah hayang jadi jiga batur, tapi kudu batur hayang jiga urang.”
“Nya atuh, muhun, Kang. Hatur nuhun.”
Usman téh langsung baé ka sumur, nimbaan deui cai. Teu kungsi lila aya nu néangan Usman.
“Mang, aya bapa mamang tuh di majlis,” cék Uci ka Usman.
“Oh, muhun. Hatur nuhun, Mang,” buru-buru lumpat ka majlis.
“Ti mana?” Bapana nanya ka Usman.
“Ngala cai, Pa.”
“Har, asana ngalaan cai baé manéh mah, henteu ngaji kitu?”
“Henteu, Pa, pan kuring mah ngalaan cai baé.”
“Oh, minggu hareup uwa manéh rék ngawinkeun Si Nyai. Wayahna manéh kudu sambutan,”
“Sambutan naon ari bapa? Ngalaman ngaji ogé can pernah.”
“Nya, nam baé atuh. Pokona kudu cék uwa gé. Bapa balik heula, yeuh bekelna.”
“Muhun, Pa.”
Peutingna Usman téh mikiran baé ceuk bapana anu nitah sambutan. Anu ngaranna masarakat mah teu meunang henteu kudu baé bisa, komo mun arapal yén manéhna geus masantrén salila tujuh taun mah. Manéhna ngahuleng hareupeun majlis, mikiran naon anu tadi diomongkeun ku bapana téa.
“Kunaon manéh ngahuleng waé, Usman?” Usman ditanya ku guruna. Usman rada reuwaseun.
“Éh, akang. Ieu, Kang, apan abdi téh tos tujuh taun lilana masantrén, minggu payun Pun Uwa badé nikahkeun puterina, abdi dipiwarang sambutan. Abdi bingung kedah kumaha?”
“Ayeuna geus mangsana manéh balik ka lembur, ulah balik deui ka dieu. Akang ngaridoan ka manéh ti mimiti peuting ayeuna. Akang boga bekel jeung anjeung nyaéta aya cai, aya lauk amalkeun éta Insya Alloh bakal aya mangpaatna,” ceuk guruna. Tuluy guruna asup deui ka majlis.
“Muhun, Kang, hatur nuhun,” tuluy manéhna ngaléos ka kobong méréskeun babawaanana.
Isuk kénéh usman geus pamitan ka babaturanana.
“Rék ka mana, Mang?” Uci nanya ka usman.
“Balik, Mang.”
“Sisinarieuneun balik, asa teu biasana. Aya naon, Mang?”
“Euweuh nanaon, Mang. Ieu mah hayang bé”
“Nya atuh sing kahadé, Mang.”
“Muhun.”
Teu kungsi lila, Usman téh pamitan ka kabéhan anu aya di pasantrén éta. Usman téh mudik ka lemburna bari dibekelan du’a jeung aya cai, aya lauk ku guruna. Sapanjang jalan Usman téh mikiran naon maksudna guruna méré amalan éta.
“Kunaonnya Akang méré amalan éta? Tapi keun baé lah mudah-mudahan aya mangpaatna engké mah.” Kitu gerentes haté Usman.
Sadatangna usman di lemburna, manéhna tuluy baé uluk salam ka nu aya di jero imah.
“Assalamualaikum, Ma, yeuh usman balik.”
“Deudeuh Si Ujang balik geuning,” bari ngarontok ka Usman sabab sono da salila masantrén Usman mah can pernah mulang ka lemburna.
“Sok geura istirahat kasép.”
“Ma, bapa ka mana?”
“Ka kebon bapa mah, keur ngagarap kebon cabé.”
“Oh, hadé atuh. Usman rék ka bapa nya, Ma”
“Sok atuh kasép.”
Sanggeus manggihan ema jeung tatanggana Usman langsung baé ka kebon nyampeurkeun bapana. Teu kungsi satengah jam Usman geus datang ka kebon, bari nyampeurkeun bapana nu keur macul di kebon.
“Assalamualaikum, Pa.”
“Wa’alaikumsalam, geus balik geuning. Geus siap peuting sambutan?”
“Insya Alloh siap, Pa.” Bari rada bingung rék sambutan naon.
“Hadé atuh ari kitu mah.” Ceuk Bapana bari nuluykeun deui macul.
Peutingna Usman téh siap-siap da titah sambutan téa. Najan bingung rék ngomong naon-naonna tapi tetep Usman maju ka hareup.
“Assalamualaikum wr.wb. aya cai, aya lauk. Aya cai, aya lauk. Aya cai, aya lauk.”
Can bérés Usman ngomong aya anu némbalan nu di tukang.
“Harrr, ari manéh Usman nanaonan sambutan téh aya cai aya lauk baé?”
“Punten” sabab éra usman teu jadi neruskeun omonganana. Usman teu jadi sambutanana.
Kusabab kajadian peuting, Usman dibaeudan ku kulawargana.
“Nanaonan ari manéh usman, dititah sambutan kalah ngadon ngérakeun kolot. Geus ayeuna mah manéh ngumbara deui ka ditu, ulah waka balik lamun can jadi jelema.” Kitu ceuk bapana téh. Usman tungkul baé teu némbalan bapana, bakating ku éra. Poé harita kénéh, manéhna ninggalkeun lemburna. Bingung teuing kudu ka mana. Ahirna geus sapopoé manéhna leumpang, geus jauh ti lemburna. Manéhna istirahat handapeun tangkal kai gedé, bari ngahuleng.
“Kudu ka mana nya? Ka lembur moal diaku ku kolot. Ka pasantrén deui éra ka pun guru,” ceuk Usman dina jero haténa. Keur bingung kitu, aya jalma anu ngaliwat.
“Keur niis, Jang?” ceuk anu ngaliwat ka usman.
“Muhun,  Pa. Pa ari itu aya naon mani ramé?” Usman nunjuk ka jalma-jalma anu keur karumpul ngadéngékeun pangumuman ti utusan pamingpin kota.
“Oh, éta aya pengumuman. Anak pamingpin di kota gering, geus diobatan kamana-mana teu cageur baé. Makana ngayakeun sayémbara, saha-saha nu bisa nyageurkeun éta anak pamingpin lamun lalaki bakal dijadikeun minantuna, tapi lamun awaéwé rék dijadikeun anak sakaligus dulur pikeun éta anak pamingpin.”
“Oh kitu, hatur nuhun, Pa. Tempat éta pamingpin jauh teu ti dieu, Pa?”
“Henteu, tinggal nyebrang ka walungan itu tuluy leumpang ka wétan. Éta tempatna pamingpin téh.”
“Nya atuh, hatur nuhun, Pa.”
“Muhun, Jang.”
Teu loba teuing mikir, Usman langsung baé ka tempat tujuanana nyaéta imahna pamingpin tadi. Sadatangna di imah pamingpin, Usman téh kudu ngantri heula jeung anu séjén.
“Héh! manéh Usman lain?” salah sahiji anu rék miluan sayémbara nanya ka Usman.
“Muhun, Kang. Akang wawuh ka abdi?”
“Henteu sih, ngan apal caritana ti babaturan. Anu sambutan ku aya cai,aya lauk téa nya?” éta jalama ngajawab bari nyeungseurikeun Usman.
“Muhun, Kang.”
“Manéh rék miluan sayémbara?” omongna bari semu ngahina.
“Muhun, Kang.”
“Haha, palingan manéh mah moal bisa. Kuring ogé nu bisa sagala mantra éléh,komo manéh anu mantrana gé ngan aya cai aya lauk pasti moal meunang,” seuri teu eureun-eureun nyeungseurikeun Usman. Usman teu némbalan, manéhna tuluy baé maju. Sup asup ka tempat ngubaran. Sanggeus Usman di jero, manéhna ditanya ku pamingpin kota.
“Saha manéh?”
“Abdi Usman, Pa.”
“Geus boga pangalaman naon manéh rék ngubaran puteri kami?”
“Abdi teu acan gaduh pangalaman nanaon, Pa.”
“Naha bet miluan ieu sayémbara?”
“Abdi boga hiji amalan ti pun guru. ABdi hoyong nyobaan ngubaran Nyi Puteri. Mudah-mudahan syaréatna amalan ti pun guru, sareng barokahna karidoan gusti Alloh abdi tiasa nyageurkeun Nyi Puteri.”
“Nya geus, tong loba carita. Ayeuna rék naon heula manéh?”
“Ménta cai sagelas.”
“Pagawé! Béré pamuda ieu cai!”
Teu kungsi lila pagawé datang bari mikeun cai ka Usman. Tuluy didu’aan ku usman.
“Bismillahirrohmannirrohim, ku barokahna ieu amalan kuring nyuhunkeun ka gusti cageurkeun Nyi Puteri. Aya cai, aya lauk. aya cai, aya lauk. aya cai, aya lauk.
Tuluy ditiupkeun kana cai tadi, “Inumkeun ka nyi putri,” ceuk Usman ka pagawé pamingpin. Sanggeusna diinuman, éta Nyi Puteri langsung baé hudang. Nangtung jejeg tuluy lempang ka bapana.
“Bapa, Nyai geus cageur!”
Kusabab Nyi Puteri cageurna ku Usman, isukna Usman langsung dirapalan ka Nyi Puteri anu kasohor kageulisanana. Béja éta langsung datang ka kulawargana di lembur. Tuluy baé nyusul Usman ka kota. Ti harita Usman jadi pamingpin anu amanah, saréatna amalan jeung karidoan ti guruna.








MASAK

Kira-kira tos Isya basa Néng Atih kaluar ti kamarna téh. Nyampeurkeun ka emana anu keur aya di rohangan tv.
“Ma, isukan téh aya lomba masak di sakola,” bari ngadeukeutan emana nu keur lalajo tv.
“Hadé atuh, Néng. Néng, rék masak naon?”
“Duka puguh, bingung, Ma. Néng mah hayang diajar heula ka ema.”
“Oh, hayu atuh diajar mah, Geulis. Jam sabaraha lombana, Néng?”
“Jam 2, Ma. Jadi isukan téh peré teu aya pelajaran diganti ku lomba masak.”
“Oh, hayu atuh. Jadi, isukan néng tos salat subuh ulah saré deui. Urang langsung diajar masak nya.”
“Muhun, siap, Ma.”
Saméméh subuh kira-kira jam opat Néng Atih geus hudang. Saba’da salat subuh manéhna langsung nyampeurkeun emana di dapur.
“Ma, rék masak naon?”
“Masak cemilan tina kentang, Néng.”
“Oh, kira-kira mun dipraktékkeun dina lomba téa meunang moal nya, Ma?”
“Ulah mikirkeun meunang heula, Néng, nu penting mah rasana ngeunah,” ceuk emana, bari kéom.
“Oh, enya atuh, Ma. Hayu atuh geura ngamimitian nyieunna, Ma. Tapi Néng mah rék ningalikeun heula nya... héhé... Da can tiasa,”
“Nya sok, Néng.”
Salila emana nyieun cemilan, Néng Atih téh merhatikeun bener-bener kumaha cara nyieunna éta cemilan. Sangkan engké teu harésé prakték nyieunna di sakola. Sanggeus éta cemilan bérés dijieun tur geus asak, langsung ku emana nitah ngasaan ka Atih. Ku Atih diasaan éta cemilan téh.
“Kumaha, Néng? Ngeunah?”
“Ngeunah, Ma,” bari ngadaharan cemilan nu tina kentang téa.
Sanggeus bérés masak, teu lila ka Atih aya nu nyampeur balanja pikeun lomba masak téa.
“Atih, hayu urang balanja,” ceuk Tuti, babaturanana nu nyampeur.
“Nya muhun,”
“Ma, Atih aya nu nyampeur. Atih mangkat heula nya,” Atih pamitan ka emana.
“Enya, sing kahadé di jalanna,”
“Muhun, assalamu’alaikum,” bari lumpat mawa cemilan kentang meunang emana.
“Wa’alaikumsalam” témbal emana.
Di sapanjang jalan, Atih jeung Tuti téh ngarobrol rék balanja naon baé.
“Tih, mésér naon nya?”
“Mending mésér kentang. Tadi abdi diajar nyieun cemilan kentang, yeuh bisi hayang,”
“Mana? Ngeunah nya, Tih,”
“Nya atuh, da meunang ema urang. Mending urang nyieun ieu baé nya,” ceuk Atih bari mikeun cemilan kentang téa ka Tuti. Ku Tuti langsung ditampana. Didahar.
“Heueuh bener, ngeunah pisan, Tih. Geus mending masak ieu baé lah,” ceuk Tuti ka Atih. Sanggeus bérés balanja Atih jeung Tuti tuluy baralik ka imahna masing-masing, siap-siap rék mangkat ka sakola. Sanggeus kira-kira jam 1, Atih mangkat ka sakola bareng jeung Tuti.
Sadatangna ka sakola, barudak téh saribuk nguruskeun masakan anu rék dimasak pikeun perlombaan. Guru-guru ogé ilu riweuh nganilai barudak nu keur marasak. Sajam waktu anu dibéré ka barudak tos séép, kabéhan geus barérés masak. Tinggal ngasaan hiji-hiji masakan barudak. Ti mimiti kelompok hiji nepi ka kelompok anu panungtung, tos bérés dinilai. Kabéh murid téh dag-dig-dug hayang geura apal hasil lomba. Tuluy salah saurang guru maju ka hareupeun barudak, rék ngumukeun hasil lomba.
“Jawara masak taun ayeuna nyaéta.... Kelompok Atih!”
Atih langsung bungah jeung babaturan sakelompokna.
“Teu sia-sia nya horéng diajar masak mah, untung tadi téh diajar heula ka ema,” ceuk Atih dina jero haténa. Ti harita atih téh rajin mantuan indungna masak. Nepi kaayeuna mah Atih geus bisa masak sorangan bari jeung rupa-rupa kadaharan anu geus bisa dimasak ku manéhna.
















MOTIVASI CINTA

Hiji poé aya budak anyar asup ka kelas 3 ti sakola MTs Darul Falah ngaranan Bagus. Budak éta katelah badeurna, jailna teu katulungan. Éta salah sahiji sabab manéhna dikaluarkeun ti sakola nu saacanna. Meunang sabulan pindah sakola manéhna geus nyieun masalah jeung guru matematika lantaran teu ngerjakeun PR. Kusabab éta manéhna teu meunang asup pas pelajaran matematika.
“Yes, hadéna titah kaluar,”
“Ngomong naon manéh?”
“Henteu, Pa,”
“Nangtung di hareupeun kelas, leungeun nyekel kana ceuli, suku diangkat sabeulah. Ngarti?”
“Ngarti, Pa.”
Langsung Bagus kaluar bari nurut kana paréntahan guruna. Meunang 5 menit manéhna ngarasa cangkeul tuluy bé babatek. Teu ngahaja keur babatek manéhna ningali siswi anu liwat di hareupeunana.
“Waw, geulis amat éta budak. Saha nya kira-kira?”
Bagus teu nyadar lamun guru matematika téa aya ningalikeun manéhna.
“Euheum, keur naon?”
“Ningali nu ngaliwat, Pa,” teu sadar bagus ngajawab kitu.
“Saha kitu éta?”
“Duka, Pa,” can nyadar kénéh.
“Manéh téh keur dihukum Bagus!” nyentak Bagus.
“Oh, enya nya muhun, Pa,” bari éra sabab teu karasa manéhna keur ngomong jeung guruna. Tuluy baé menerkeun posisina.
Téééttt... Bél istirahat disada. Barudak kaluar ti kelasna masing-masing langsung moro ka kantin sakola. Bagus langsung asup ka kelasna tuluy narik Ahmad babaturan sabangkuna ka kantin.
“Mad, itu saha sih?” nunjuk ka salah sahiji siswi nu keur ngantri mesen dahareun.
“oh, éta Lilis. Anakna Pa Ujang,”
“Hah? Pa Ujang guru matematika?”
“Heeh, kunaon kitu? Manéh resep?”
“Henteu sih!”
“Ah, manéh. Yeuh nya kuring ngabéjaan. Loba murid-murid nu lain ogé resepeun ka Lilis, tapi teu aya nu wani. Sabab sarieuneun ku bapana,”
“Oh, manéhna pinter teu?”
“Beuh, masalah pinter mah ulah ditanya, tangtu pinter. Manéhna juara umum tiap taun.”
Ujug-ujug aya nu nyampeurkeun ka Bagus jeung Ahmad di tukangeunana.
“Ngaromongkeun Lilis lain?” ceuk nu nyampeurkeun.
“Muhun,” ceuk Bagus jeung Ahmad babarengan ngajawab bari ngalieuk ka tukang, horéng téh pa Ujang.
“Éhh, Bapa,” bari aréraeun tuluy sasalaman bari rék ngalaléos pamit ka pa Ujang.
“Lamun manéh bogoh ka néng lilis, éléhkeun néng Lilis pas engké UN. Karék ku Bapa diijinan,” ceuk pa Ujang ka Bagus.
“Muhun, Pa, punten ah.”
Tuluy budak dua téh lalumpatan ka kelasna.
“Manéh sih Bagus, maké resep ka Lilis sagala”
“Maaf, tapi lamun kitu wungkul saratna ti mimiti ayeuna kuring rék rajin diajar supaya pas UN bisa ngéléhkeun Lilis tuluy bisa bobogohan jeung lilis,”
“Hah? Manéh yakin?” témbal Ahmad bari satengah teu yakin.
“Nya yakin atuh.”
Timimiti harita, Bagus téh robah. Mimitina tara ngerjakeun PR jadi sok ngerjakeun, sok bolos jadi tara bolos, sok jail jadi tara jail, sok nongkrong tara nongkrong. Ayeuna mah tongkronganana téh pindah ka perpustakaan. Mimitina mah babaturan sakelasna héran kana kalakuan Bagus anu robah 90%. Kabéhanana téh pasti nanyakeunana ka Ahmad.
“Mad, Si Bagus kunaon? Teu biasana budak éta rajin?”
“Keur ngudag cinta si Bagus mah,”
Guru-guru ogé héraneun kana ningkatna nilai-nilai Bagus di semester 5 ieu, malah bisa juara dikelasna. Dina pas ngabagikeun raport anu sok dicokot ku orang tuana barudak, indung Bagus geus deg-degan sieun dipanggil pangujungna jeung sieun meunang katerangan anu goréng ti guruna Bagus.
“Bagus Haryadi,” ceuk guruna ngagero ngaran Bagus.
“Wilujeng nya, Bu, putra ibu juara ka 1 di kelas ieu,” ceuk guruna bari mikeun raport ka indung Bagus.
“Hah? Bener éta téh bu?”
“Muhun, Bu, kawitna mah simkuring ogé kagét kana paningkatan Bagus tapi nya ieu kanyataanana anjeunna nyangging juara kelas,”
“Alhamdulilah. Hatur nuhun pisan, Bu,” bari ceurik bungah indung Bagus ka wali kelasna.
“Nya bu, ayeuna mah sing sering dikontrol baé diajarna Bagus,”
“Muhun, Bu, hatur nuhun,”
Sanggeus nyokot raport, emana langsung nangkeup ka Bagus.
“Ibu teu percaya mimitina mah tapi sakieu hasilna, Kasép,”
“Kunaon bu? Hasilna goréng?”
“Bagus téh juara kelas seméster ayeuna,” ceuk emana bari nyiuman bagus.
“Diajar ti saha Bagus téh?” indungna nanya ka Bagus.
“Engké deui caritana di imah, Bu. Hayu atuh geura balik,”
Teu kungsi lila Bagus balik ka imahna jeung emana anu kabeneran harita bapana aya rapat kepala desa jadi teu bisa babarengan. Di angkot Bagus sura-seuri sorangan, lantaran bungah. “Najan can bisa ngéléhkeun Lilis, sahenteuna geus juara di kelas,” di jero haté manéhna ngomong. Sadatangna ka imah, Bagus langsung ditanyaan ku emana.
“Sok caritakeun ka ibu, kumaha carana bagus bisa juara?”
“Tapi ibu ulah nyarita ka bapa nya?”
“Muhun. Sok,” teu sabar ibuna hayang nyaho.
“Jadi kieu bu, Bagus téh bogoh ka Lilis puterina Pa Ujang guru matematika. Tah saratna supaya bagus diijinan bobogohan jeung Lilis, Bagus kudu bisa ngéléhkeun manéhna jadi juara umum pas ngké UN,”
“Oh kituuu. Sakelas teu jeung Bagus Lilis téh?”
“Nya henteu atuh, Bu, Lilis mah di kelas unggulan Bagus mah kelas biasa”
“Oh, kitu. Sok atuh ku ibu didukung salila éta teu ngaganggu ka Bagus. Tuluy ayeuna hayang hadiah naon?” ceuk indungna. Da kulawarga Bagus mah kaitung jalma beuhar bapana ogé jadi lurah.
“Alim nanaon, Bu, hayang keurseus kanggé persiapan UN wungkul,”
“Oh, saé atuh. Sok ku ibu dikeurseuskeun.”
Waktu liburan sakola téh ku Bagus dipaké diajar persiapan UN anu kira-kira 4-5 bulanan deui bakal UN. Sanggeus bérés waktu liburan, tuluy asup deui sakola biasa. Bagus jadi kasohor dikelasna nepi ka hampir sasakola wawuh ka Bagus, Si Ganteng Ginter ditelahna téh ku barudak awéwé. Najan kitu, tapi angger bagus mah cuék.
Waktu anu ditungguan téh datang, nyaéta UN. Minggu hareup Bagus bakal UN, usaha tos dilakonan tinggal prak-prakanana. Saminggu ujian tos réngsé dilaksanakeun, tinggal pengumumanana 2 minggu deui. Bagus tos ngarasa siap ngadéngé hasil ujiana 2 minggu kahareup.
Dina waktuna, dag-dig-dug kabéh murid jeung guru tos kumpul di aula pikeun ngumumkeun hasil UN barudak kelas 3.
“Juara umum taun ayeuna nyaéta...” ceuk guru nu ngumumkeun.
Bagus deg-degan teu puguh.
“Bagus Heryadi!”
Dikeprokan ku kabéhan anu aya di jero aula ogé ku Pa Ujang bapana Lilis.
“Wilujeng Bagus,” ceuk kepala sakola.
Ti harita Bagus bungah kacida lantaran cita-cita jeung cintana kacumponan. Ti harita Bagus bobogohan jeung Lilis, anu sabenerna mah Lilis ogé anu ngajarkeun ka bagus unggal poé di perpustakaan.













SALAH JALMI

Hiji poé di sakola SMP Bina Insan dina raraga kanaékan kelas, rék diayakeun studi tour ka Gunung Tangkuban Parahu. Barudak téh ti saméméhna geus pada sibuk bebenah pikeun bekel pas di tempat studi tour dupaya teu pati loba jajan.
“Mas, mekel naon kanggé énjing?” ceuk Ratna nanya ka Imas.
“Abi mah nyandak cemilan baé hungkul, ari Ratna mekel naon?” témbal Imas.
“Sami abi ogé,”
“Hayu ah urang geura siap-siap,”
“Hayu!”
Imas jeung Ratna langsung mulang ka bumina masing-masing, rék nyiapkeun bekel pikeun isukan. Keur bebenah, lanceukna Imas nyampeurkeun ka Imas.
“Keur naon, Mas?”
“Éh Aa, ieu keur bébérés, A,”
“Rék ka mana kitu?” lanceukna nu teu terangeun naros ka Imas.
“Ka Gunung Tangkuban Parahu, A,”
“Oh, sok sing kahadé. Ulah nepi papisah jeung babaturan, Mas,”
“Nya muhun, A.”
Peutingna Imas teu bisa saré da hayang geura buru-buru isukan rék ka Gunung Tangkuban Parahu téa.
“Geura saré, Mas, bilih  kasiangan,” ceuk emana anu ngariksa ka kamar Imas.
“Muhun, Ma, teu bis bobo puguh,”
“Hmm, nu rék jalan-jalan mah da sok kitu. Paksakeun atuh,”
“Muhun, Ma,”
“Kahadé ngadu’a heula rék sare téh,”
“Muhun, Ma.”
Teu kungsi lila Imas saré ogé ari dipaksakeun mah. Isukna, Sanggeus salat Subuh, Imas langsung sarapan tuluy siap-siap mangkat ka sakola, sabab mangkat ka Gunung Tangkuban Parahu téh jam satengah 6, supaya teu kapegat macet, cenah saur guru-guru téh.
“Ma Imas mangkat, Assalamu’alaikum” bari sasalaman ka emana.
“Wa’alaikumsalam, kahadé, Mas,”
“Muhun, Ma,” bari lumpat sieun katinggaleun ku babaturanana. Sadatangna ka sakola, guru-guru geus nungguan mirid-murid kumpul. Sanggeus kumpul kabéhan, guru-guru langsung ngabsén murid-muridna. Tuluy anu tos disebut namina langsung asup ka beus. Sanggeus kabéh siap, langsung mangkat.
Kira-kira jam 10 geus nepi deui ka Gunung tangkuban Parahu. Sadatangna di ditu guru-guru langsung méré intruksi yén arulinna ulah jauh-jauh.
“Barudak, ayeuna sok geura arulin. Tapi teu meunang jauh-jauh tuluy tabuh 12 kumpul deui di dieu nya!” kitu saur guru téh.
“Muhun, Buuu...” ceuk barudak, saur manuk.
Sanggeus kitu, barudak téh langsung baé mencar arulin limaan-limaan. Imas ogé langsung ulin jeung babaturanana.
“Mas urang ka palih ditu yu sigana bagus lamun popotoan di ditu!” ceuk Ratih ngajak ka Imas jeung ka babaturanana nu séjén.
“Hayu!”
Imas jeung babaturanana pindah tempat ka anu ditunjuk ku Ratih. Ku éndahna pamandangan, Imas resep pisan popotoan nepi ka teu sadar lamun ditinggalkeun ku balabaturanana.
“Rat, hayu urang ka palih ditu!” bari nyekel leungeun batur, da Ratih jeung nu séjén mah geus pindah ka tempat nu séjén.
“Éh, maap,” imas kaéraan lantaran éta leungeun lain leungeun Ratih, tapi leungeun batur. Ti harita imas tara-tara deui meléng.





















NU NULIS

Nu nulis dibabarkeun di Bogor, 21 oktober 1995. Kapungkur sakola di RA. Hidayatussibyan ti taun 2000-2001 tuluy diteraskeun ka Madrasah Ibtidaiyah Nurul Hidayah ti taun 2001 dugi ka 2007 tuluy ka MTsN Babakan Sirna 2007 dugi ka 2010 tuluy ka MAN Leuwiliang ti taun 2010 dugi ka 2013, ayeuna masih nyuprih élmu di Universitas Padjadjaran.
Nu nulis ogé ngahaturkeun nuhun ka Gusti Allah anu parantos masihan kakuatan sareng kasempetan pikeun ngaréngsékeun ieu buku. Ogé ngahaturkeun nuhun ka sadaya kulawarga anu teu weléh bgadu’akeun, ka éditor, ka Bapak/Ibu dosén, ka réréncangan sadayana.

1 komentar:

  1. The titanium belly ring - TITAN, India - Tioga Arts
    The titanium belly titanium keychain ring of the Golden microtouch titanium Tiger, the Golden Tiger, is titanium trimmer as seen on tv a representation 출장안마 of the Tiger's crown. In our collection, the golden tiger has titanium quartz been

    BalasHapus