Tiap urang boga
caritana séwang-séwangan, nyakitu deui kuring. Najan dipangumbaraan, tapi teu
asa dipangumbaraan sabab geus ngarasa ka kulawarga sorangan. Pernah hiji
peuting mah, kuring indik ka warnét. Niat arék ngeprint tugas. Duaan kapan
biasana ogé kuring mah tara wani sosoranganan, maklum “borangan” téa. Keur mangkatkeunna
mah jongjon wé teu mawa payung, daa kapan ceuk pikir mah halodo moal hujan. Der
béh kuring mangkat. Datang ka warnét téh teu langsung ngeprint daa pinuh téa. Tuluy
béh ngantosan bari nyarita sagala rupa jeung batur kuring téh. Geus aya 2 jamna
di warnét téh, kakara réngsé. Teu lila-lila cicing kuring langsung waé mulang
ka kosan. Pas ditengah jalan der téh hujan turun bari dibarengan angin jeung
sora guludug nu pikakeueungeun. Mana éta téh palebahan tempat anu réhé, mana
duaan istri deuih. Teu mikir panjang kuring langsung waé nelepon batur kuring
nu di kosan, hayang dipangnganteurkeun payung caritana mah. Ceuk pikir boa téa
dianteuran nya, hujan sakieu badagna, tambah guludug jeung angin. Tapi ku dasar
geus ngarasa jeung kulawarga, batur kuring téh teu lila datang bari mamawa
payung mun ceuk bahasa kerénna mah “so
sweet”. Tuluy wéh balik bari kikiciprikan, bararaseuh ku cai hujan anu
nyangkrung di jalan jeung cai hujan anu turun.
Pokona carita ieu
carita anu paling luar biasana. Kuring nyaah pisan ka aranjeun :) :) :)
:* :* :*


Tidak ada komentar:
Posting Komentar